Video ini berisi lagu tentang sisindiran sunda populer, dibungkus dengan alunan musik rock yang enerjik.
Cocok di dengar bagi anda yang sesang beraktifitas.
Artis : Keboel
Audio/Visual : Taohids
Lirik :
Rarasaan melak cau
Teu nyahoeun melak jahe
Rarasaan matak lucu
Teu nyahoeun matak rehe
Majar maneh cengkeh koneng
Kulit peuteuy dina nyiru
Majar maneh lengkeh koneng
Kulit beuteung meni nambru
Nini nini mawa cai
Langsung mawa ti susukan
Nini nini lari pagi
Langsung pingsan na tanjakan
Aya listrik ti masigit
Caangna kamana mana
Aya istri jangkung alit
Hanjakal gening waria
Saha eta nu keur nulis
Ceuk si emen mah si cici
Katempona meni geulis
Padahal mah gening banci
Cai mulang cai malik
Cai ngocor ka astana
Panon burial buncelik
Da kadempet etanana (Hoo)
Ti Bandung tuluy ka Bogor
Di Cianjur meuli bonteng
Kasiksa boga kabogoh
Sungut na bau sepiteng
Sada ketuk sada kenong
Sada suling eujeung fo'ong
Huntuna nyenghol katembong
Lamun ngomong bau jigong
Es lilin ku amis ti'is
Leuwih ngeunah ti es teler
Kuring bingung ku nu geulis
Di kiceupan jol ngagoler
Ka Banjaran ka Cikajang
Ka Lembang ka Pamondokan
Panasaran kanu lenjang
Hoyong ngasaan mondokan
Keretek kudana beureum
Ditumpakan anak cina
Kapelet ku randa eusleum
Unggal poe kuring zinah
Kaso pondok osok nyogok
Kaso panjang osok nyugak
Anu pondok jadi orok
Anu panjang jadi budak
Es lilin kalapa muda
Dibawa di dorong dorong
Abdi resep ka nyi randa
Lamun mandi sok di to'ong